Rabu, 05 November 2014

Pacublak-cublak uang

Pacublak-cublak uang nya éta kawih kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari dariuk nu saurang nangkuban tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguhanna téh nya éta karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. Rakitanana kieu :
Pacublak-cublak uang
Uangnya manggul lonténg
Butata butiti
Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah
Si sidin mau kawin
Gamelan jegar-jegur
Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em.
Rakitan kawih séjénna :
Pacublak-cublak uang
Manggoléntng-manggolanting
Butata butiti
Gembrang-gembrung
Gembrang-gembrung
Bo e-em, bo e-em.