Judul : Bahasa Inggris kelas 10
Penerbit : Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan, 2014.
Penulis : Utami Widiati, Zuliati Rohmah, dan Furaidah.
Raden Safrina dan Helena I.R. Agustien.
File : View
Yuliana
Kamis, 05 Februari 2015
Rabu, 05 November 2014
Pacublak-cublak uang
Pacublak-cublak uang nya éta kawih
kaulinan anu dikawihkeun babarengan bari dariuk nu saurang nangkuban
tujuanana pikeun teteguhan, biasana barang anu jadi teguhanna téh nya
éta karikil atawa sisikian disumputkeun dina leungeun salah saurang budak tuluy pada ngarawih, sanggeus ngawih tuluy salasaurang neguh di saha karikil atawa sisikian ayana, mun kapanggih saha nu nyepeng éta karikil atawa sisikian berarti gantian budak éta nu nyepeng sisikian anu kudu nagkuban. Dina
sababaraha sumber mah carana téh ampir sarua nya éta barudakna ngariung
saurang baturna nu nyuuh (nangkuban) nu bakal neguh. Nu lianna numpangkeun leungeunna dikeupeulkeun, salasaurang ngeupeul barang atawa karikil anu rék diteguh. Nalika ngawih, nu nyuuh cengkat tuluy neguh, lamun kateguh di saha éta barang, nya manéhna nu kagiliran nyuuh pikeun neguh. Rakitanana kieu :
Pacublak-cublak uang
Uangnya manggul lonténg
Butata butiti
Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah
Si sidin mau kawin
Gamelan jegar-jegur
Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em.
Rakitan kawih séjénna :Uangnya manggul lonténg
Butata butiti
Si Tata wara-wiri
Tangsi nona tangsi babah
Si sidin mau kawin
Gamelan jegar-jegur
Amil panghuluna
Ta e em ta e em ta e em ta e em ta e em.
Pacublak-cublak uang
Manggoléntng-manggolanting
Butata butiti
Gembrang-gembrung
Gembrang-gembrung
Bo e-em, bo e-em.
Manggoléntng-manggolanting
Butata butiti
Gembrang-gembrung
Gembrang-gembrung
Bo e-em, bo e-em.
Langganan:
Postingan (Atom)
